Ngamumule Basa Sunda

"KECAP SESEBUTAN WAKTU"

Oleh : Momo, S.Pd., M.Pd.
Pengawas SD Dinas Pendidikan Kabupaten Bogor

Dikutip dari Majalah Inspirasi Pendidikan Edisi 003 Februari 2022

Bismillahirrahmanirrahiim.

Sampurasun... 

Dina danget ieu simkuring bade medar ngeunaan kecap sesebutan waktu, anu kadang-kadang urang sadaya sok poho kana kecap-kecap sesebutan waktu nu bakal dipedar dihandap. Mun ku urang dititenan geuning sesebutan waktu teh loba pisan sesebutanana, eta ge teu lengkep ngan saukur conto saingetna bae, pikeun ngalengkepanana mah mangga nyanggakeun ka para wargi anu langkung apal kana sesebutan waktu. 

Simkuring tetep umajak ka sadaya wargi hayu urang mumule Budaya Sunda sangkan sunda tetep jaya, tetep nanjeur komarana. Sareng simkuring umajak kabalarea hayu eusian ruang baca ngamumule budaya sunda atawa ngamumule basa sunda ieu ku rupa rupa tulisan atawa kamonesan sunda nungandung atikan pikeun pibekeleun urang sadaya dina ngatik ngadidik murid urang sadaya.

KECAP SESEBUTAN WAKTU



SESEBUTAN WAKTU SEJENA

---------------------------------

"NGAMUMULE BUDAYA SUNDA"

Oleh : Momo, S.Pd., M.Pd.
Pengawas SD Dinas Pendidikan Kabupaten Bogor

Dikutip dari Majalah Inspirasi Pendidikan Edisi Perdana November 2020

Bismillahirrahmanirrahiim.

Sampurasun....

Ngamumule budaya sunda hartina ngahirupkeun deui sarta ngalestarikeun budaya sunda supaya henteu sirna. Dina mangsa kiwari, budaya sunda kaancam sirna kusabab sabagian urang sunda leuwih mikaresep budaya sejen. 

Conto, aya di antara urang sunda utamana anu ngarora jeung ”terpelajar” leuwih resep ngamumule bahasa Indonesia/Malayu tinimbang bahasana sorangan. Adab sareng tata titi titinggal karuhun sunda oge dipopohokeun ku urang sunda.

Upaya ngamumule budaya sunda kudu dimimitian ku papada urang sunda sarta dirojong ku  pamarentahan. Dina ngamumule budaya sunda Kabupaten Bogor parantos netepkeun Kemis Nyunda. Hartina yen tiap poe kemis teu meunang henteu kudu ngagunakeun bahasa sunda di kulawarga, di sakola, di kantor-kantor kaasup di acara resmi kapamarentahan.

Hayu urang lestarikeun budaya sunda ku urang sadaya sangkan sunda tetep jaya. Dina raraga Ngamumule Budaya Sunda, sim kuring umajak ka sadaya numikacinta Budaya Sunda mangga eusi Ruang Baca ieu kurupi-rupi nu aya patula patalina sareng budaya sunda. 

Di antarana mangrupa: kasenian, dongeng, sajak, pupuh, carpon, pantun, sisindiran sareng sajabina. Utamina nu ngandung pendidikan sareng mangpaat pikeun urang sadaya.

Kanggo tutungkusan bilih hiji waktos katarosan ku anak incu, ngemutan deui sesebatan nu biasa dianggo kana kekembangan. Diantawisna:


Numawi sok aya babasan ngembang kadu Hartosna molohok. Urang pupusti ku sadayana malar ieu kabeungharan budaya warisan karuhun teh henteu dugi ka tumpur. Urang lajengkeun acara ngabejaan bulu bitis na kana nami sasatoan.

Sakieu ayana seratan perkawis ngabejaan bulu bitis, tepang deui dina seratan anu sanéna deui.***

Komentar