Lagu Kuta Udaya Wangsa Cipt. Neneng Indah Permata

Ciptaan : Neneng Indah Permata
Aransemen : Faisal Saputra
Penyanyi : Tia Destiana

KUTA UDAYA WANGSA 

Kuta Udaya Wangsa Kuta urang sadaya
Di lingkung gunung salak gunung Munara
Kulon kidul wetan tepi ka Beulah kaler
Pinuh ku sandang pangan tepi ngajalejer

Sawahna ngabentang, Gunungna Ngajalajar
Walungan Citarum Cisadane
Rakyatna someah, pamingpinna peryoga
Nagrina gumilang istimewa

Kuta Udaya Wangsa Sumanget babarengan
Hirup akur Makmur aman jeung santosa
Urang silih asih, silih asah silih asuh
Sangkan nyata Bogor jaya waluya 

Komentar